Pararaton


Ngamuat ngeunaan Karajaan Majapahit.

Pararaton mangrupa salah sahiji karya sastra anu jadi sumber sajarah karajaan Singhasari jeung Majapahit. Ku kituna Pararaton bisa disebut salaku karya sastra sajarah, nu dina khazanah sastra Jawa, karya saperti kieu disebut Babad.[1]

Pararaton sok disebut Kitab Raja-raja, Kitab para Ratu, Kitab para Datu, atawa Pustaka Raja. Naskah Pararaton anu kagolong kana karya sastra Jawa Pertengahan anu teu dipikanyaho pangarangna (anonim), ditulis ngagunakeun basa Jawa Kawi.[2]

Naskah Serat Pararaton anu nyaritakeun sajarah raja Singhasari jeung Majapahit dijieun cukup pondok, nyaéta 32 kaca ukuran folio diwangun ku 18 bagian jeung 1126 baris. Naskah dimimitian ku carita ngeunaan titisan Kén Arok, pangadeg karajaan Singhasari (1222-1292) jeung ditungtungan ku nuliskeun ngaran Désa jeung titi mangsa nalika pangarang réngsé karyana dina taun 1535 Saka (3 Agustus 1613).[2]

  1. Kriswanto, Agung.2009.Pararaton, Alih Aksara & Terjemahan.Jakarta: Wedatama Widya Sastra.
  2. a b WINTALA ACHMAD, SRI (2019). PERANG BUBAT (1279) SAKA Membongkar Fakta Kerajaan Sunda Vs MajapahitWINTALA ACHMAD. Jakarta: Araska Publisher. p. 203. ISBN 9786237537199.  Disungsi 27 Juli 2024

© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search